Kamis, 31 Januari 2013

PIDATO BAHASA SUNDA



KEBERSIHAN



Assalamualaikum Wr. Wb
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalaya hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina asagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayeuna.
Dina salah sahiji hadist diteurangkeun “inna dhofatu minal iman” Nu hartosna “Kabersihan the sabagian tina Iman”
Tina hadist eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang the umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageing, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya the nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sekitar urang.
Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacita kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Kebersihan the aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma amiin. Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahpunten.
Wassalammu’alikum Wr.Wb

Oleh  Dhea Puspita

Tidak ada komentar:

Posting Komentar